Senin, 25 September 2023

Asal Usul Tasikmalaya

  

Asal Usul Tasikmalaya

  


  Dina hiji poé di desa Sukapura dimana Acep tos siap badé angkat ka sawah. Acep saorang patani anu digawé di sawahna Nyi Ama. Samentara si Opik masih kénéh saré. Opik babaturan Acep anu sarua digawé disawah jeung Acep. Kumargi Acep rajin, isuk kénéh manéhna geus disawah. Acep digawé saperti poé biasana, sabari nungguan si Opik nu teu datang-datang. Titiba Jijah sareng Ajla ulin ka sawah. Jijah téh budak ti tatangga anu digawé ogé di Nyi Ama. Samentara Ajla budak anu saumuran jeung Jijah, ogé adi ti Acep. Acep ninggal barudak anu keur ulin éta. Acep ngageuroan Ajla teras miwarang “Jla, samper mang Opik jug. Sabari candak tuangeun ka si Ambu.” Ajla némbalan “enya a.” Maranéhna teras angkat ka bumina Opik, Ajla nyamper Opik ditéras sabari ngomong “mang Opik.. mang Opik.. “ sabab ka ganggu, Opik hudang jadina teras mukakeun pantona. “Naon sih meni garandeng barudak téh, aya naon?.” Tanya Opik rada kesel, Ajla némbalan “e-em itu saur a Acep ka sawah” Opik ngahuleung terus buburu ka jamban soalna poé geus beurang. 


     Sababaraha menit tidinya, Opik geus siap badé angkat ka kebon. Pas dijalan ka kebon, Opik patepang sareng Nyi Ama. Opik badé nyumput ti Nyi Ama tapi da geus katinggal jadina Opik seuri. “Ehh, anjeun téh Opik kan?” Saur Nyi Ama. “Muhun Nyi, punteun” ngaléwat wé Opik téh bari sieun. “Ehh kéla, naha anjeun aya kénéh didieu? Kuduna kan di sawah”. Nyi Ama nanya ka Opik, “ehehe muhun, ayeuna badé ka sawah, kasiangan Nyi.. “ Saur Opik sabari ngusap mastakana. “Nyaéntos atuh, enggal ka sawah tong kitu  deui nya Pik.. “ Saur Nyi Ama anu kesel sabab si Opik osok telat waé digawéna. “Muhun, haturnuhun Nyi.” Opik angkat sabari éra sabab patepang jeung anu gaduh sawah, tempat Opik digawé. Saatos nyamper Opik, Ajla sareng Jijah langsung ka bumina Ajla. “Ambu.. ambuu..” Ajla ngajorowok ti luar bumi, “aya naon atuh néng?, meni jojorowokan teu puguh” ceuk Ambu. “ehehe punteun Ambu, néng dipiwarang ku a Acep, dipiwarang nyandak tuangeun” ceuk Ajla. “Oh itu di pengker, tapi seueur néng” ceuk Ambu sabari nunjuk ka pawon. “Teu nanaon Ambu, Néng sareng rerencangan da” ceuk Ajla sabari nunjuk ka luar, teras ngomong “Jah, hayu bantuan”. “Ehh enya Jla antosan” ceuk Jijah. Saatos nyandak tuangeun di pawon, Ajla sareng Jijah teras angkat ka sawah. Pas dijalan badé ka sawah, maranéhna patepang sareng Opik. “Ehh barudak, badé kamarana?” Tanya Opik. “Ieu badé ka sawah, ka a Acep” ceuk Ajla. “Dieu atuh ku mang Opik dibantuan, meni seueur kitu tuangeun na” ceuk Opik sabari nyandak piring anu dicandak ku Ajla. “Nuhun mang Opik” ceuk Ajla teras maranéhna angkat ka sawah babarengan. 


     Pas disawah Ajla ngageuroan Acep “a.. ieu tuangeun na”. “Oh enya nuhun néng” waleran Acep. “Enya a sami-sami” ceuk Ajla sabari masihan tuangeun na. “Cep, titadi?” tanya Opik polos. “Sumuhun jang Opik..” ceuk Acep kesel. “Ieu atuh tuang hela Cep, bisi tiis” ceuk Opik masihkeun gorengan anu dicandak ku anjeunna. “Néng, Jijah hayu taruang hela, seueur da” ajak Acep. “Muhun a” ceuk Ajla sareng Jijag. “Urang moal ditawaran, Cep?” ceuk Opik. “Ceuk saha datangna telat, jadi urang gawéna sorangan” Acep pundung, teras ngabuka rantang di saung. “Atuh Cep, urang gé can dahar tadi diimah” ceuk Opik bari diuk di saung. “Nya pek atuh, mumpung urang keur bageur” ceuk Acep masihan rantang anu eusina sangu. “Nuhun Cep” Opik langsung nyandak rantang anu dipasihan ku Acep. “Sok Jijah tuang, lapar kan tadi?” ceuk Ajla ngaheureuyan Jijah. “Ehh enya sok tuang néng, seueur ieu tuangeun na” ceuk Acep ninggal Jijah ngan ngopi gorengan hungkul. “Muhun a” ceuk Jijah ngusap mastakana sabab isin. Sadayana taruang di saung, cuaca harita téh keur iuh-iuhna. Jadi, maranéhna ngarasa nikmat tuangna. Saatos bérés tuang, Acep sareng Opik ngalanjutkeun pagawéan anu tadi ditunda. Samentara Ajla sareng Jijah ngabérésan rantang anu tadi tilas tuang. 


     Teu lila tidinya, Acep anu jongjon digawé ngarasa aya lini “Pik ciga aya lini, ngarasa teu manéh”. “Ah étamah manéh mereun anu lieur, lila teuing gawé” ceuk Opik sabari nepak tonggong Acep. “Heeh mereun nya?” Acep ngusap mastakana, mastikeun anu lieur téh émang manéhna. Teu kungsi lila, Acep ngarasa lini anu beuki tarik. Terus ngomong “Pik ieumah nyaan lini, Pik”. “Ehh heeh gening Cep, nyaan aya lini. Hayu ah cep balik, bisi kunanaon nu di imah” ceuk Opik panik. Acep ngajak Ajla sareng Jijah anu keur bébéres di saung. Maranéhna leumpang buburu, sabab lini beuki tarik. Pas ditengah jalan, Ajla cicing teras ngomong “tinggal aya haseup kandeul pisan”. “Ehh enya, timana nya? Teu biasana aya haseup kandeul kieu” ceuk Jijah reuwas. “Etamah ciga ti gunung Galunggung, Cep” ceuk Opik sabari nunjuk arahna haseup éta. Gunung Galunggung téh teu jauh jeung lembur. “Kumaha lamun éta gunung rék bitu?” ceuk Acep sambarangan. “Hayu atuh urang ka lembur” ceuk Opik langsung lumpat ka lembur. Teras disusul ku nu sanesna, maranéhna lumpat bari ngabéjaan warga “LINI.. LINI.. gunung Galunggung rék bitu”. Tidinya, warga Desa Sukapura reuwas teras marawa barang anu bisa dibawa. Aya nu mawa domba, ngais budak, mawa munding, nepi mawa kantong anu eusina barang-barang parenting. Warga lalumpatan bari teu arapal arah, sakabéh warga lalabuh sabab lini beuki gede. Samentara si Acep ka bumina sabab aya Ambu anu masih dibumi bari nyandakan barang anu bisa dibawa. Teu kungsi lila, gunung Galunggung bitu. Tidinya kaayaan lembur geus teu bisa disalametkeun, sararieun ninggali haseup anu hideung kandeul nepi ka panon poé teu katempo. Dibarengan ku sora batu-batu anu ngagulitik jeung lahar anu panas, keusik pabureuncaian dimana-mana. Sahingga bituna gunung Galunggung téh newaskeun 4.011 jelema, kaasupna aya Acep, Opik, Ajeng, Azizah, Ambu, Nyi Ama sareng warga nu sanes. Sarta ngahancurkeun 114 desa. Desa Sukapura téh dirobah ngaran na jadi Tasikmalaya, sabab saprak kajadian bituna gunung Galunggung éta loba keusik anu pabureuncai atawa ngalayah. Tamat


Nama Kelompok : C

Anggota Kelompok : 

A Fahri Fauzi Rahmawan 

Ajeng Yuliani

Azizah Nur Alifia 

M Taufik

Salma Zafirah

Tasya Nazzala Sabrina


Rarancang Karangan Carita Pondok

1. Jejer : Asal Usul Panamaan Tasikmalaya

2. Palaku : Acep, Opik, Ajla, Jijah, Nyi Ama, Ambu

3. Karakter Palaku : 

 • Acep ( rajin digawé, bageur )

 • Opik ( tukang saré, Kedul )

 • Ajla ( daékan )

 • Jijah ( isinan )

 • Nyi Ama ( bageur, jelema aya )

 • Ambu ( bisa masak )

4. Sudut Pandang : Orang ketiga

5. Alur : Maju

6. Pengarang Cerita : Tasya, Salma, Ajeng, Azizah

7. Pengubah Bahasa : A Fahri, Ajeng, Taufik

8. Pembuatan Teks : Tasya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar