ASAL MUASAL NGARAN DAGO
Hawa isuk anu tiis maturan perjalanan Siti sakulawarga ka Tebing Keraton di Dago, Harita téh Siti keur libur sakola salila tilu poe. Siti kacida bungahna sabab Siti geus lila teu jalan-jalan. Bari nyetel musik karesepna, Siti ningalian jalan ka Tebing Keraton. Teu karasa, sanggeus sababaraha jam di jalan, ahirna Siti nepi ogé ka Tebing Keraton. Kusabab Siti can pernah ka tempat ieu, Siti bingung tempat anu didatangan aya di daerah mana, Siti nanya ka Indungna “Bu ieu téh aya di daerah mana?”. Ibu ngajawab “Ieu téh aya di daerah Dago, Siti.” Siti panasaran naha daerahna dingaranan Dago. “Bu, naha daerah ieu teh dinamian Dago?” tanya Siti ka Indungna, terus Indungna nyaritakeun asal muasal ngaran Dago.
Baheula téh keur jaman kebon ngampar dimana-mana keneh, loba patani nu melak jagong di daerah Lembang. Di daerah Lembang téh taneuhna subur, nu matak hasil panen patani loba jeung aralus ngan lamun rek ka daerah Lembang téh kudu ngaliwatan daerah anu loba preman nu sok malakkan hasil panen patani nu ngaliwat. Kacaritakeun pernah aya patani ti kota indit sorangan ka Lembang rek panen jagong. Hasil panen na téh loba, eta patani téh balik ka imahna bari kacida bungahna. Di tengah jalan basa rék balik, jol aya preman anu malakkan hasil panen eta patani. Untung we eta preman ngan nyokot hasil panenna.
Carita eta nyebar ka patani nu lain. Para patani téh jadi waswas lamun rék ka Lembang, kaasup si Asep. Dina hiji poe, Asep rék melak jagong di kebon anu aya di Lembang. Sabenerna mah, Asep téh sieun sabab kudu ngaliwatan daerah eta téh, tapi rek kumaha deui lamun Asep teu indit ka kebon moal aya keur dagangeun. Ahirna Asep téh ngajak babaturanna indit babarengan ka Lembang. "Hayu urang indit ka Lembang babarengan, aya beja mun daerah Lembang teh loba keneh jelema nu teu areling, naon wae hasil panen nu di pelak ku patani sok di carokotan. Bisi aya nanaon di jalan,matak urang babarengan we". "Halahhh tong sieun kanu kitu mah, urang geus pangalaman euy. Teu ningali maneh sep? beheung urang aya urut bacokan!? Tingali biwir urang suing tapi da ai can waktuna mah aman-aman wae gening" Ceuk Deni. Babaturanna mah ngan seuri we ngadengekeun Deni. “Isukan arurang ngumpul di tempat ieu heula nya, tong aya nu indit tiheula” ceuk Asep ngingetan babaturanna.
Subuh keneh Asep geus siap-siap rék indit ka Lembang, teu poho pamitan heula ka Indungna saacan ninggalkeun imahna. Asep teh datang pang awalna ka tempat ngumpul kamari. Asep nungguan Deni, Endang, jeung Cecep anu can daratang. Teu lila, si Deni datang “Hayu sep urang indit ayeuna meh teu beurang teuing” ceuk Deni teu sabaran. “Eh kela atuh den, urang kudu babarengan jeung nu lain” jawab Asep. Ahirna Cecep jeung Endang datang. “hampura nya karek datang, tadi ngabantuan tatangga heula” ceuk si Cecep. “Hampura oge nya urang kabeurangan hudangna sabab lalajo Persib heula peuting” ceuk si Endang bari seuri. “Nah geus ngarumpul kan, hayu urang indit ayeuna kaburu beurang” ajak Asep bari leumpang. Tuluy we indit ka Lembang babarengan. Nepi di ditu, maranehna tuluy manen hasil pepeplakanna. Pas geus rek magrib maranehna siap-siap rek balik ka imah. Pas balik na ge babarengan bari mawa hasil panen jagong nu loba.Di perjalanan, Asep jeung patani nu lain ningali preman nu keur narangkring di warung kopi. Maranehna rada ngaderegdeg bari jeung kaluar kesang tiis bakat ku sieun. Kusabab asep inditna babarengan tea, si preman rada reuwas nempo patani nu biasana sajalmi dua jalmi ayeuna jadi raraméan. Lamun lobaan kitu mah preman teh teu wanieun rék malakkan hasil panen anu dibawa ku para patani téh. Perjalananna lancar jeung aman nepi ka imahna masing-masing. Saprak ti basa eta, unggal rek indit ka Lembang teh silih nungguan heula di tempat eta. Kusabab éta daerahna téh ayeuna dingaranan Dago, da eta téh tempat nungguan atawa ngadagoan patani nu lain lamun rék indit ka kebon nu di Lembang.
Tapi Dago ayeuna mah geus beda pisan ti Dago anu baheula. Ayeuna mah geus loba tempat wisata anu aralus jeung menarik, aya Curug Dago, Dago Pakar, Dago Dream Park, Puncak Cimbuleuit, Tebing Keraton jeung sajabana. Cocok pisan jang liburan jeung babaturan atawa kulawarga. Nu daratang ka Dago teh lain ti Bandung hungkul, tapi loba ogé anu ti luar Kota Bandung, aya nu ti Jakarta, Bogor, Depok, jeung loba keneh ti kota-kota lain.
Geus dicaritakeun ku Indungna, Siti ayeuna geus apal kumaha asal muasal daerah éta bisa dingaranan Dago. Tuluy, Siti popotoan di Tebing Keraton da alus pisan daerahna téh. Loba keneh tatangkalan hejo bari tiis udarana téh reugreug pisan. Teu karasa geus rék peuting deui. Siti sakulawarga gancang siap-siap rék balik. Siti bungah pisan harita téh geus jalan-jalan ka Tebing Keraton, Dago.
Basa geus asup sakola, Siti téh nyaritakeun kamana wae Siti basa libur jeung nyaritakeun asal muasal ngaran Dago ka babaturana. Pék téh babaturana karék apal carita asal muasal ngaran Dago. Carita éta téh turun tumurun nepi ka ayeuna.
Kelompok Sibungsu
- Najmah Azalia
- Binar Cahya
- Yuzni Fadila
- Raihan Avisa
- Fadli Derian
- Ismail Alif

Tidak ada komentar:
Posting Komentar